Jumat, 08 November 2013

Resensi novel bahasa sunda, mapah perang barata

Resensi Novel Mapag Perang Barata

Jejer buku        : Mapag Perang Barata
Panulis            : Ahmad Bakri
Pamedal        : PT. Kiblat Buku Utama
Tempat Medal Buku    : Bandung
Citakan        : Citakan ka-1, Syawal 1424 H./Desember 2003 / Citakan ka-2, Dzulqadah 1428 H./Nopember 2007 / Citakan ka-3, Dzulhijjah 1430 H./Desember 2009
Kandel Buku        : 61 Halaman


Novel Mapag Perang Barata  teh nyaritakeun tentang adegan antara Dorna jeung Prabu Drupada atawa Dewi Kunti (anak ti Batara Surya, rakana Pandawa) nu estuning matak ngangres. Pandu Dewanata, Raja Hastinapura teh pupus nuju sanom keneh, kusabab anjeunna lali ngalanggar supata Bagawan Kindama. Para putrana teh teu acan aya nu kersa pikeun ngaganti Pandu Dewanata jadi pupuhu nagara. Lamun parantos gede mah, tangtu ngaistrenan Drestarata jeung sakalian Pandawa, putera Sang Pandu di angkat jadi Raja. Dina hiji dinten Dang Hyang Dorna, Guru na Pandawa parantos namatkeun jadina santikaguru di Karaton Hastinapura. Para asuhanana, Kurawa sareng Pandawa geus gede ayeuna mah. Sanajan geus katingali  kamajenganana, Sang guru teu acan sugema manahna. Teu aya kacape guru etaa ngasuh murangkalih teh sangkan leres-leres jadi satria lahirna sareng batinna. Nya kitu deui Sakuni sareng Gandari sarua teu acan sugema manahna. Sarua na teu aya kacape aranjeuna ngasuh Sang Raja Drestarata, sangkan ulah kersa masihan nagara ka Pandawa, kumargi anjeunna ahliwaris baratha nu pangsepuhna. Hastinapura kudu jadi milik Kurawa. Dina hiji dinten Dang Hyang Dorna ngempelkeun para Kurawa jeung Pandawa. Sakumaha biasa nu jadi poko pimasalaheun teu aya deui iwal ti peperangan. Sanes mung semet kagagahan sareng kasaktian ti salah saurang eta, nanging tata yuda oge diutamakeun pisan. Kumargi Sang Yudistira teu gaduh musuh, sang yudistira eta protes ka Dang Hyang Dorna. Dina hiji dinten  Dorna mamatahan ka murid-muridna ngeceng manuk Murid nu sejen nyaritakeun naon nu katenjo ku maranehna basa keur ngeceng, salian ti hulu manuk anu kudu dipanah. Ngan Arjuna mah sejen deui tetenjoan teh. Manehna ukur nenjo hulu manuk wungkul, heunteu nenjo deui nu lainna.

Kaleuwihan Novel Mapag Perang Barata :
  • Nyaritakeun Lalakon Mahabrata, jadi urang teh tos apal maksud ti carita eta.
  • Caritana saperti nyaritakeun nyatana kungsi kajadian ti urang
  • Kakurangan Novel Mapag Perang Barata :
  • Novel Mapag Perang Barata ieu make bahasa atawa kata-kata nu lolobana teu dipikaharti ku urang atawa teu pantes di baca ku budak leutik
  • Carita ieu alus na teh dijadikeu partunjukan wayang, lain dijadi keun novel, ku sabab teu ngarti.
  • Manfaat Novel Mapag Perang Barata :
  • Novel Mapag Perang Barata teh nyaritakeun Lalakon wayang, Kasenian sunda nu ku urang kudu dipikanyaho, tarutama ku sakabeh urang sunda.
  • Ngandung Atikan moral nu kudu di petik ti ieu Novel.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar